Legenda Dewi Sri (Asal muasalna Pare) versi Basa Sunda
November 1, 2011 — Riyan Nurhaedi
Dina hiji zaman, kasebut aya hiji taman endah sinareg damai nyaeta
“Ytaman Sorga Loka”. Dina tempat eta cicing hiji jalma nu ngarana “Sunan
Ibu” nu keur nungguan kadatangan “Dewi Sri Pohaci Long Kancana”. Dewi
Sri ngalaporkeun yen dihiji tempat dibumi nu ngarana “Buana Panca
Tengah” teu acan aya “Cihaya” mangrupikeun hiji kabutuhan hirup kabeh
.Mireng hal eta , Sunan Ibu miwarang sangkan Dewi Sri angkat ka Buana
Panca Tengah.
Dewi Sri hente nolak mangkat ka Buana Panca Tengah nupenting
mangkatna dibaturan ku ‘’Eyang Prabu Guruminda ‘’. Permohonan Dewi Sri
oge dikabulkeun ku Sunan Ibu .Saencan mangkat ninggalkeun Sorga Loka,
Eyang Prabu Guruminda calik bersemdi nuhunkeun petunjuk Hiang Dewanata .
Saentos angges semedi sinareng kenging petunjuk, sareng kasaktianna anu
ngan dina waktos sakejap, rupa Dewi Sri ngabentuk jadi saiji endog.
Saengges kabeh persiapanna angges, terus mangkat Eyang Guruminda
ngagiring Dewi Sri sareng tujuan Negara Buana Panca Tengah. Dewi Sri anu
wujudna jadi endog, disimpen dina kotak nu ngarana “Cupu Gilang
Kencana”. Prabu Guruminda sangges sababaraha lamina ngapung ka satiap
panjuru kaler –kidul-ngulon-ngetan’anu akhirna dina hiji mangsa CUPU
GILANG KENCANA kabuki jeng endoganu aya di jerona murag.
Ges jadi kahayangna anu maha kawasa ,endog nu eta teh murag di hiji
tempat anu mana eta tempat dicicingan ku ‘’DEWA ANTA’’.Dewa Anta anu
terangen di tempat cicingna aya endog ,mangkana eta endog teh di ingu
.sangges sabaraha waktos lamina ,eta si endog teh netes nya terus lahir
hiji wanoja anu gelis anu te aya babandingannana anu teu aya lain
nyaeta DEWI SRI.
Dina sajeroning kadewasaannana anu gelis pisan ,mangkana kasebar
barita ka sakabeh nagara pedah kageulisannana ejeng sang putri, terus
pada daratang para raja rajaanu maksudna rrek ngalamar sang putrid anu
rek di jadikeun pameswari.
Dewi Sri ngengingken pinangan ti para raja, tapi DEWI Sri hente
ngarasa bungah pedah lamun manehna narima pinangan berarti manehna geus
ngingkar tugas dimandetkeun kamanehna. Kaunggal raja oge entos
dijelasken yen maksad kalahirana eta sanes padu jeung neangan calon
salaki, tapi jeung ngalaksanakeun tugas ti Sunan Ibu di Taman Sorga Loka
nyaeta kanggo nganugrahkeun “CIHAYA” ka nagara gelar Buana Panca
Tengah.
Tapi, sanajan katerangan parantos disampekeun, lamaran terus wae
daratangan jeung ku sabab kitu akhirna Dewi Sri nagaraos tekanan batin
jeung udur. Beuki lila, panyakit nu karaos Dewi Sri beuki parah dugi ka
dongkap waktos Sang Putri nyampekeun mandate terakhir “lamun dongkap
waktos abdi maot jeung lamun abdi parantos dikurebkeun, erek aya
kaanehan-kaanehan dina pusara abdi”. Jeung akhirna ku kahoyong nu Maha
Kuasa, Dewi Sri oge maot.
Bener wae naon anu diamanatkeun ku Sang Putri akhirna jadi kanyataan.
Dicaritakeun dina hiji poe, aya aki-nini nu keur milarian suluh jeung
milarian dahareun kanggo bekel hirup duaan.
Waktos aki jeung nini kenging hiji pusara nu parantos jadi pepelakan
ku pepelakan anu can pernah dipanggihan jeung ditempo Saumur hirupna.
Dina bagian hulu jadi tangkal kalapa, dina bagean leungen jdi tangkal
bubuahan, dna bagian suku jadi tangkal boled, sedengkeun dina awakna
jadi tangkal aren (enau=gula) sareng hiji pepelakan anu mani aneh jeung
can pernah aki jeung nini nimukeun eta tangkal, jeung kakara ningalna
oge. Nyaeta srangkai tatamgkalan nu dauna sae buahan keur hejo keneh
buluan sae oge.
Akhiirna aya niatan ti aki jeung nini kanggo miara eta tangkal aneh
teh jeung dibersihkeunna pusara jeung sakuliring tangkal eta. Sakitu
tina poe ka poe minggu ka minggu ku kasabaran jeung katekunan pepelakan
eta dipiara teh. Teu karaos waktos parantos bulanka 5, buah nu tadi
hejo the ngeusi pinuh, jadi buah nu sadahan eta tungkul saking ku
beuratna. Ku kasbaran jeung kayakinan salain itu haying nyaho sampe
kumaha jeung naon sabenerna eta tangkal aneh. Saentos sababaraha lami
bede ka bulan ka 6 ditingali deui tangkal eta the jeung siki siki buah
tadi teh jadi koneng jeung resep katempona.
Saentos kaduana ngahuleng akhirna aya niat rek metik eta buah.
Saencan diala eta buah the diasaan hela pak the eusina bodas jeung amis
rasana. Aki jeung nini nyiapkeun dupa jeung seuneuna kanggo meuleum
menyan kanggo menta idin ka “Hiang Widi”. Saentos meuleun menyan,
dipotong eta tangkal nu dimaksad jeung mani ngejat akijeung nini eta
pedah dina dahan anu dipotong tadi ngaluarkeun cai bening sinareng
seungit, tapi kanggo aki jeung nini henteu hanjakal kusabab apal yen
kajadian ieu parantos jdi kahoong nu kawasa.
Tapi aya niatna kanggo melak eta tangkal deui, jeug siki siki buah
tadi dipelak deui disakuliring pusara Dewi Sri. Kaajaibanna oge kajadian
deui kusabab ku sakerejep ge siki siki tadi hirup jeung entos buahan
koneng oge. Aki jeung nini langsung nuar jeung sakerejep oge dipelak
deui siki siki koneng eta sampe ka terus kaulang ulang sampe
kakumpulkeun beungkeutan siki siki buah koneng loba pisan.
Ku kajadian eta aki jeung nini jadi lieur. Meunang hasil loba pisan
dina waktos tereh. Tina buah saadahan. Salain eta naon anu maranehna
boga teu acan nyaho naon jeung naon ngarana eta buah teh.
Akhirna, kusabab aki jeung nini lalaieureun malah teu acan teu acan
kenging kaputusan kanggo masihan ngaranna. Sahingga ujug ujug nini
ngusulkeun yen kusabab aki jeung nini bingung teu tiasa aya kaputusan
jeung hese kanggo milihna, anu dina basa sunda mah disebutna
“paparelean”, akhirna buah eta the disebut make ngaran “Pare”(padi).
Akhirna anggeus carita the. Jadina ayeuna ditatar sunda nu dimaksud
sbg Nagara Buana Panca Tengah, jadina ayeuna tangkal jeung buahna anu
dimasad disebut “PARE”, nu mangrupikeun cita-cita Dewi Sri Pohaci Long
Kancana kanggo ngalengkepan hirup nu disebut “CIHAYA”. Kusabab kitu
jalmi jalmi sok nyebutna Dewi Padi nyaeta Dewi Sri.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar